Minggu, 07 Oktober 2012

Cipanon

www.hiburan.kompasiana.com
Aya mangsa manggih bagja, aya mangsa pinanggih jeung tunggara. Atoh jeung sedih minengna mah dibarung ku cimata, boh seuseurian eak eakan kaleuleuwihi atawa keur hate rajet asa teu kuat nandangan kanyataan, cipanon kaluar, ngadon ngantri nyurucud mapay tegalan damis, tuluy ngagantung sakeudeung dina gado karek lumpat muru kanyataan nu tayohna tinggal harepan.

Tapi tong salah, cipanon ulin kaluar tina kolopak soca teh tandaning rasa bagja anu tumiba tanpa karana ngahampangkeun sagala rupa bangbaluh nu aya dina taktak jaman wireh meunang hiji hasil anu mucekil rasa anu sugema oge samalah teu disangka-sangka. Orokaya sok reuwas, saheulaananan ngajentul ngahuleng olohok mata simeuteun, sabab teu percaya kana naon nu aya hareupeun mata.

Sanggeus batur mere wilujeng, karek ebreh ieu teh hiji kabagjaan oge cocobi ti Allah SWT ameh ulah sombong, komo nganggap handap kanu lian. Sabab Gusti anu maha kawasa gampil pisan ngabulak balikeun darajat jeung harkat manusa. Sarta pasti dina kahirupan urang sadaya bakal pagaliwota cimata bin cipanon tea dina sedih jeung bagja, anggursi jadi instropeksi jadi renungan sakabeh kajadian aya hikmah nu kudu disyukuran.

Cag ah...

4 komentar:

  1. Aduh Simirung (eh simkuring)
    janten isin
    gening simkuring teh masih seueur hilap kana Undak usuk basa indung teh

    Bravo
    Two Thumbs Up .... ! ! ! ! ! ! .....

    BalasHapus
  2. Hayu atuh urang sasarengan ngamumule basa sunda kang adam.... Haturnuhun ku pangdeudeul sumangetna via komen di ieu blog...

    BalasHapus
  3. Hate teh nya, nembe oge seneng tos sedih deui... oge sawangsulna.
    Antawis cipanon kasedihan srg kagumbiraan, maybe mung hitungan detik ya kang... leres, margi teu kenging somse ^_~ Kersaning gusti alloh nu maha kawasa, sagala rasa eta tiasa karampa, karasa.. wassalam

    BalasHapus
    Balasan
    1. Leres pisan kang hasan, jalmi mah mung darma wawayangan, istuning Gusti ALLAH Nu Maha Suci janten dalangna... Cag urang ngabaladah rahasia dunya enggoning bekel jaga di akherat...

      Hapus