Sabtu, 22 Desember 2012

Wastafel

“kade ulah nyikat huntu atawa sibeungeut dina wastafel pas jam duawelas peuting” papagah wa Udan pas mimiti asup ka imah kos di totogan sukawening.  Imah kos  teh lega aya tujuh kamar wangunan baheula, karasa rada geugeuman tapi da keun bae ah loba batur ieuh. Teu nepi kana sabulan ti kuring asup, eta kosan teh geus pinuh ku mahasiswa da tempatna deukeut pisan ka kampus, tinggal leumpang.

“usep” bari leungeunna kahareup ngajak sasalaman.  “enud”, ceuk manehna bari seuri. Tuluy ngawangkong pancakaki ngalor ngidul kawas nu loma.antukna jadi dalit jeung si enud teh, meh kacai babarengan, ulin oge paduduaan,asa cocok jadi balad. Ngan ari sifat keukeuhna mah angger we da geus adat ka kurung ku iga.
Kaasup anu dihulag nyoo wastafel tengah peuting, kalahka nangtang jeung rek dibuktikeun peuting ieu, kabeneran malem jumaah. Satengah dualas geus saged rek nyikat huntu bari teu weleh sura-seuri bangun nu nikmat, padahal sakabeh pangeusi kos tagiwur bisi katempuhan urusan anu can karuhan.

Teng jam dualas,euweuh sora nanaon deukeut wastafel, istuning jempling, simpe, kawas euweuh tandaning kahirupan. Kitu oge sora Uned leungit dihakan bumi. Lalaunan kuring jeung wa guru oge babaturan ngadeukeutan kana wastafel tea, kaciri si enud ngaringkuk handapeun wastafel, panon bolotot bari leungeun merengkel bangun nu sieun, nempo anu piikasieuneun. Teu bisa ditanya, teu bisa digulanggaper.... ngagibrig we bari molotot.

Na jero kaca hareupeun wastafel aya nu melong bari nyerengeh.
Cag...

Sabtu, 15 Desember 2012

Ngagaya

Keur anteng we numpak mio anyar beureum euceuy meunang ngiridit ti jang ohim, bari sura seuri kanu papanggih dijalan da asa panggayana pangbeungharna.. Aing tea. Ti tanjakan aki uye nepika lebak deukeut masjid kacamatan nyeumprung si beureum anyar bari biwir teu weleh tebar pesona sajuta imut ka kasaha wae nu panggih kaasup kana domba nu keur ditungtun muru ka pasar salasa. Ngan geus liwat jambatan karek rada geumpeur jeung ngesang bijil teu bebeja tina sisi tarang, malah mah mandor ode nu nanya disisi jalan ge diliwat we. Beungeut sepa hate ratug tutunggulan bari leungeun tipepereket nyekelan gas. Sababna mah saeutik, geuning pas ngerem ku suku katuhu teh euweuhan.. Jadina motor nyemprung kawas nu pundung. "Tulung.. Tulung" kuring gogorowokan bari mio mah tuluy mangprung. Tungtungna.. 'Braaakk.. Gubrag. Motor anyar ringsek nabrak gapura kantor kacamatan.

Pamere

http://superherotolol.blogspot.com


Peuting asa caméwék euweuh sora sato saeutik acan, istuning jempling ngan sakapeung katingali tina sela jandéla, kingkilaban ngiceup disisi lamping muru peuting nu simpé. Keur anteng ngagutrut nuliskeun satpel keur isuk méré élmu ka barudak, kadéngé sora nu pupuntenan di gigireun imah.. “puuntenn... puuntenn”. Rada teu jelas sora awéwé lalakina mah ngan kawas nu sedih jeung nandangan kanyeri. Pas rék dijawab, teg téh inget da nu natamu mah tangtu uluk salam ti hareupeun imah, gigireun imah mah pan solokan?.... rada teu ngeunah rarasaan.

Puuntennn jang guruuu....punnteeen”eta nu dipipir imah pupuntenan deui, ngan haté ratug samar polah jeung pinuh kacuriga. Keur keketeyepan muru ka pipir, maksud teh rek di toong heula, kagareuwahkeun ku si cikal nu geus miheulaan nempo sémah di luar, bari céléméng pok teh: “bah,nu diluar teu aya mastakaan”.

Saheulaanan istigfar, tuluy rikat mangku si cikal bari muru kana meja di tengah imah. Hulu domba paméré ngajentul bari getihan.

Senin, 26 November 2012

Dicerek Tuur


Angin peuting ngagelebug na rohang dada, nyaliara ngahunyud kana angen, komo tuur mah meuni karasa euweuh tulangan, istuning ngalempréh dina nyanghareupan para pinisepuh nu ngariung hareupeun kuring, sumawonna hansip lembur oge aya. Pa RW
nyarios kalawan ajrih : “Cép, wengi ieu mah paheutkeun waé kumaha kahoyong encép ka néng Eius teh, wakca balaka ka ama, ulah éra-éra, tos lengkep wawakil ti keluarga aya Amih, oge abah Aja petugas pembantu pencatat nikah ti kantor désa, sok tong asa-asa”.

Hareupeun kuring néng Euis tungkul bari mun aya kesempatan maok nempo ngimeutan beungeut kuring nu beuki ngabodasan da getih téh asa turun kana suku ngabeungbeuratan rasa nu teu bisa lumpat tina sagala nu geus tumiba. “Kumaha ?” sora pa RW meupeuskeun lamunan kuring. Kuring unggeuk bari ngarérét kana jam tangan nu geus nunjukeun wanci janari.


Haté ratug tutunggulan, tuur loncér bangun euweuh tulangan, malah mah titingalieun téh rada kararonéng. Tapi neger-neger manéh nguatkeun diri pikeun nyanghareupan kanyataan nu geus aya hareupeun beungeut.
“kumaha?”, éta kecap ngahiuk kana mamarasna, eungap saharita. Teu kuat nandangan panyiksa batin.  Langsung nékad minuhan pipikiran, nempo jandéla beulah kénca muka, tuluy cengkat, lumpat satakerna, ngan hanjakal geuning saluareun jandéla teh balong héjo paranti mijahkeun lélé dumbo, antukna... gajlengg... gujubarrrr... less wéh poék.

...... panon gigisik, geus aya handapeun risbang. “akang kunaon?” sora jikan halimpu bari nempo kuring nu culang cileung kawas keur bingung. “ah teu nanaon geulis, mung ti koséwad margi tadi ngimpén galungan sareng kunti “, jawab téh bari seuri konéng inget deui yén kajadian tadi ngan saukur ngimpi.

Cag.

Senin, 19 November 2012

Takut Janji


Langkah kaki terseret menjauhi kerumunan manusia yang sedang bersukacita di malam purnama yang kedua, menuju arah pulang meraih kedamaian di gubug kehidupan yang sebenar-benarnya.Sepi menyeliputi diri meski sesekali jengkerik menemani dengan jeritannya serta kodok mengolok-olok lajunya pembangunan yang juga mengerbankan orang lain.

Di tikungan dekat kolam ikan yang terbentang menganga, terasa sesuatu menanti dengan tatapan tajam penuh dendam. Langkah semakin dipercepat sembari mengendalikan jantung yang berdetak semakin kencang dan tidak beraturan, sementara mata nanar menghadapi kenyataan yang jauh dari harapan.

Tapi takkdir berkehendak lain, sesuatu yang ditakuti telah menanti menjemput janji yang terucap meski tanpa hati nurani. Mengulurkan belalai kelicikannya menjilat punggung tanganku dan memperlihatkan seringai gigi gigi tajam yang siap merobek isi perutku dengan sekali serangan saja.

Terpaksa malam itu kubunuh malu ku dan kubayar cicilan utangku pada rentenir kesayanganku.

Sabtu, 17 November 2012

Gulanggaper

Seuneu amarah geus diumbar tanpa karana, sangu bodas nu suci geus teu bisa nyumputkeun kaparawananna,ngaihlaskeun diri pikeun gabung dina tempat nu teu pisan dipikahayang. Endog hayam kampung nu karek anjog ti pasisian dipaksa peupeus kalindih jaman, ceurik. 

Lisah urut ngaleueurkeun urusan alewoh ngolo uyah pikeun hanjat ti muara ngadon nyaba ka gunung kabiruyungan. Beungeut sepa nempo seahna seuneu amarah tandaning jangji kudu pasini di hiji waktu anu mustari, hiji tempat nu ngagabungkeun sarupaning kaperluan, mopohokeun kana hak asasi sewang-sewangan. 

Kabeh digulanggaper, nyeri jeung bingung pacampur uduh, ngarasakeun panasna amarah nu ngabebela ngahijikeun rupa rengkak paripolah jadi rukun ngahiji dina jirim nu geus nyari. 

“Cep, bade dikurupukan moal?”.. tukang sangu goreng nanya bari ngasongkeun piring nu ngebul pinuh kadeudeuh.

Kamis, 15 November 2012

Nu Nelepon


Bulan sapasi diharudum mega bangun tiris ngabungbang rasa, kuring anteng ditepas imah dines sorangan, kapaksa piket bari panon ngumbara maturan pikir nu geus tiheula jung ngagupay kahayang ngumbar kasenangan.  

Kringgggg..... kringggg, sora telepon ti jero imah meuni gogorowokan hayang diangkat, biasana mah dunungan rek nitah abong nasib jadi punakawan. Tibuburanjat muru tengah imah, gasik telepon diangkat bari nyarita :”hallow..wilujeng wengi, aya nu tiasa dibantos?”.. tapi sora na telepon teh ngan : “hallow... hallow..jeung hallow

Kuring : “hallow?.. ditembal :”hallow “...leuleus.
Kuring : “hallow?.. ditembal : “hallow”..bari kadenge sora angin nyeredet kana hate.

Kuring : “hallow?..ditembal :”hallow....harrrrroowww” bari sorana teh jadi rada peura jeung lalaunan. Karasa punduk asa kandel, tapi teu kudu sieun ah. Paling ge nu jail gerentes teh, tuluy gagang telepon diteundeun na parantina.

Harrrow.. eta sora anu peura bangun nyeri kadenge keneh... gigireun.

#wilujengmalemjumaah.

Macet Pisan

Gambarna ti http://ridertua.com/2012/09/29/karakter-biker-dilihat-dari-domisili/

"Tuh nya ceuk abah ge, mun aya pulisi pasti jalan macet", ceuk saurang bapak tengah tuwuh ngajak ngobrol ka panumpang angkot digigireunna. Ngan ungguek wungkul penumpang gigireunna bari sibuk nyoo hape. Terus we si abah noroweco ngagogoreng pulisi kalawan teu patut hareupeun batur. Karunya pulisi da geus pagaweanana ngatur jalan jeung nertibkeun masyarakat tapi angger we disuudzonan, disalahkeun, gerentes penumpang gigireun.

Si abah noroweco deui nyalahkeun pulisi, penumpang nu deukeut panto kaganggu sigana mah, tuluy ngomong : "ku naon bah meuni ceuceub pisan ka pulisi teh?". si abah mencrong kosong kaluar jauh panineungan, simpe naraje hate tuluy nembalan bari daeuda :"anak abah ge pulisi, ngan geus poho kanu jadi kolot". Langit rambisak nalangsa.

Selasa, 13 November 2012

Juara Lodong


Nempo awi gombong geus meunang ngaragaji jeung ngaliangan sakumaha ilaharna meriem kampung alias lodong, minyak tanah aya tilu desi dina kaleng susu urut oge karbit satengah kilo ngeclok heula di warung bi amah didukung ku posisi strategis dina gundukan taneuh luhureun balong nini odah rada kahieuman ku dapuran awi tali hejo carulang matak hate  jadi caang.


Sumanget opat lima boga lodong anyar rek perang patarik tarik sora jeung lodong bogana si agus kucrit jeung jang empud budag nu jegud tapi kabeukina jamedud, malahmah tadi peuting di pangajian kuring geus susumbar :”isuk mah tingalikeun, sora lodong aing pang tarikna sadunya”.

gambar ti http://puger-nyunda.blogspot.com/2011/09/bedil-lodong.html
Lodong rada ditonggengkeun nojo ka lembur sabeulah, minyak tanah geus asup kana gombong, tinggal karbit. Biasana mah sapotong leutik-leutik, tapi ayeuna mah hayang sora pangtarikna, eta karbit satengah kilo disakalikeun asup kana lodong campur jeung minyak tanah nu langsung ngagolak. Teu talangke deui nempo ramuan geus panas,langsung disundut make seuneu na tungtung rorak.... Blarrrrr...... nu karasa ku panon ngan aya cahaya ngaburinyay bodas campur beureum tuluy hideung, teu kadenge nanaon.

Panon beunta teh geuning keur ngangoler tengah imah diriung ku abah jeung pangeusi lembur legok hangseur bari naringalikeun bangun karunya. Abah ngadeukeutan bari mawa eunteung tuluy ngomong : “na ari sia sarjang teu kira-kira nyoo lodong kaleuleuwihi,salembur geunjleung sugan teh aya bom atom, untung teu paeh oge, tah tempo beungeut sia!!!!”, dina eunteung kaciri beungeut mehong jeung hinyay urut lisah tanah, bari biwir jebleh getihan jigana mah kapeupeuh ku lodong nu ancur paburantak.

#caritabaongkeurleutik

Rajet

Sumber gbr : http://www.rca-fm.com
Wanci janari kuring nepi ka imah balik tugas luar kota nguruskeun nagara.. ceunah. Uluk salam ngan formalitas da konci mah aya na leungeun. Bari lalaunan muka konci, tuluy asup ka imah tur lantip meuh nu sare teu kagareuwahkeun. 

Krikk..krikk..krikk sora jangkrik tandaning aya telepon asup, pas ditempo nomer dunungan, langsung diangkat, ari pek aya tugas penting keur poe isuk. Sabot anteng nelepon teu katingali pamajikan hudang kaluar kamar da meureun kagareuwahkeun tuluy nempokeun ditukangeun.
Jikan   :"akang.. Tiasa nambut hapena?",
Kuring : "mangga nenk", bari hape dibikeun. 

Teu antaparah belewer teh hape dialungkeun kana tembok, leos weh pamajikan ka kamar. Hape jeung hate rajet patulayah.