Jumat, 28 Juni 2013

*** Hayang Panggih ***

www.portalentri.blogspot.com
Hélikopter Humingbird keur anteng meulah langit diwétaneun Calédon Staté Park rék muru ka Gedung Putih. Di kénca Pupuhu Secret Service (SS) jeung Pupuhu CIA anteng mariksa kaayaan diluar maké hédsét jeung kaméra toong. Jubir Présidén tenget ngaroris catetan keur biantara uing. Sabot mapay walungan Potomac kolébat rasa baheula nyulusup na jero dada, mangsa éndah jeung manéhna. Komo pas luhureun Washington Channel muru ka Virginia Avenue, rarayna meuni napel dina kongkolak. “Tiasa lungsur sakedap di Smithsonian Gardens Butterfly Habitat?”, Uing nanya ka Pupuhu SS. “Teu tiasa Pa, teu kenging lirén saraosna margi ngalanggar protokol”. Uing muncereng, asa dihulag, “Ieu perintah présidén”. Antukna dina Hummingbird kabéh jadi sibuk kordinasi, sabab turun lain dina jalur mah ngabahayakeun. Jubir ngolo sangkan ulah turun, tapi cukup ngapung diluhureun éta taman sababaraha menit. Uing unggeuk. Pupuhu SS ngaharéwos ka Jubir Présidén, “Karék tilu poé geus ngariweuhkeun nya boga dunungan ieu mah”. Jubir ngabéléhém. Uing anteng nempokeun kantor popotongan di peuntaseun Smithsonian Gardens Butterfly Habitat, sono pisan.

*** Nyekel Jangji ***

Paku geus di keupeul ku leungeun katuhu, nyanghareupan poto calon kuwu nu kabéh ngadadak saroméah. Ngagupayan améh dijadikeun dadasar keur nanclebna paku. Sanggeus peureum bari mapatkeun jangjawokan, yakin rék diliangan téh nu éta wé. Tapi dadak sakala leungeun kompér tuur loncér, paku murag teuing kamana. “Ema kunaon, teu raraos nya?” soanten petugas nyaah, bari nyangkéh muru posko kesehatan nu disayogikeun panitia. Geus rada seger mah, nyobaan deui muru ‘bilik sora’ keur nanclebkeun paku, tapi teu bisa, leungeun ngeleper jajantung ratug. Kolébat indomie dua dus nu geus béak dipurak incu ti nomer hiji. Ogé duit beureum nu karék katampa tadi janari ti nomer dua muncereng ka kuring. Can kaos jeung rompi nu dibagi mangkukna ti nomer tilu, ogé kupon merekis dina kanjut kundang tukeurkeuneun kana sembako mun enya nomer opat meunang. Baluweng. Tungtungna bisi tuluy disangkéh deui petugas oge jalir jangji kanu geus barang béré, kuring gilig tur ihlas nyolok opatanana, adil pan?

Sabtu, 22 Juni 2013

*** Pakanci Bedo ***


“Jang, kadé ngilu kana mobil Ua mah ulah ongkék,” peupeujeuh ema basa rék indit pakanci ka Santolo bari ngasongkeun antimo sakebét. “Ieu teu seueur teuing antimo na ma?,” ema seuri bari ngaharéwos, “Pan ujang mah teu kaop mobil maju sok orolo, wayahna diinum nya!,” uing unggeuk. “Hayu bisi kaburu beurang,” Ua pameget ngagorowok bari asup kana mobil. Tibuburanjat sadudulur parebut korsi hayang diuk nu merenah. Ua istri diuk dihareup gigireun Ua pameget, uing dipangtukangna bari karasa aya késang tiis dina damis. Teu antaparah deui antimo genep siki digayeum teu make cai, alhamdulilah teu lila karasa awak hampang késang ilang. Ngan dulur nu ngarobrol bet kadéngé jadi lalaunan, hawar-hawar terus jempling. Uing nyarandé di jok tukang, panon beurat tunduh saharita. Lilir-lilir uing ngagolér na dipan bodas. Gigireun, ema rambisak dibaturan ku Ua istri. Dua poé dua peuting uing teu inget di bumi alam, ngagolér di UGD RSUD Garut alatan beuki teuing kana antimo.

Kamis, 20 Juni 2013

*** CUANG CIEUNG ***

www.wallpaperkeren19.blogspot.com
Ronghéapna rasa ngadalingding minuhan galar mapay bilik pangharepan. Mulubus nembus wuwung kaajrih ngabelesat muru méga nu keur anteng manco bari ngaroris mayapada. Antukna méga hideung lalaunan salin jinis jadi kayas, rohang batin tina kasedih cimata nu bakal murubut jadi hujan dor dar gelap ilang tanpa karana. Méga ngadon ngabring pakaléng-kaléng pinuh kadeudeuh maturan matapoé nu nyorot ka lemah cai kalawan geugeut haneut tur kebek ku katresna. Teu lirén di antara méga, rasa kadeudeuh ngabelesat meuntasan atmosfir ngagedig nyingkahan gravitasi nu meulit embung lésot tina papastén. Cunduk waktu nu geus tangtu, rasa katresna leupas muru jagat raya, mapay galaxy néangan pasangan diri di alam lega nu simpé taya sora taya pangbagéa. Rasa ngaheruk cuang cieung taya batur, ngan saukur dibaturan ku gurilap béntang nu jauh teu manggih tungtung. Soca bareubeu, cimata hanjakal murubut mapay damis. Ngudag harepan nu geus anggang misah horizon misah galaxy. Béntang ngora nempokeun bari cumalimba.

Minggu, 16 Juni 2013

***S O N O***

Gura-giru ti kontrakan di Bogor hayang geura balik ka Bandung, sono ka jikan nu geus sabulan ditinggalkeun, bari mawa rejeki jeung awor kasono. Hanjakal geuning kahayang jeung kanyataan bet patukang tonggong, sapaparat jalan macét kawas nu jarangjian aya di jalan dina waktu nu sarua. Antukna huleng jentul élékésékéng, kesel cangkeul. Disarékeun teu bisa reup, culang cileung kaluar ngan ukur nempo mobil aduregeng parebut jalan nu geus puguh ngan sakitu-kituna. Hapé anyar béak batré, antukna can ngabéjaan jikan yén balik poé ieu, baé ah améh ‘surprise’. Beus nu ditumpakan masih kénéh angsrod-angsrodan ngadepaan jalan, mata poé beuki nyirorot disampeur ku adzan magrib di rést aréa Purwakarta. Jrut tina beus, gura giru néangan cocolok listrik, rék ngecas hapé anyar. Deukeut méja satpam aya stéker nganggur, langsung ditojos, si hapé enyay enyayan. Alhamdulilah. Réngsé solat magrib, muru hapé da rék nelepun jikan. Ari pék aya sms ti si manéhna, “Kang dipalih mana? meuni sesah di telepon, Enéng ngantos di warung peuntaseun kontrakan akang”.

Selasa, 11 Juni 2013

*** TUMPUR ***


www.azaabadi.blogspot.com
Haneut sréngéngé ngusapan, ngahudangkeun bulu leungeun nu keur anteng ngambah implengan ngawujudkeun karaharjaan. Ngadon ngempelkeun dukungan ti wadya bulu nu aya disabudereunna, ti ngawitan bulu suku, bulu dada, bulu tonggong, dugika bulu kumuut. Teu hilap bulu di wilayah larangan, tamu penting tangtosna bulu panon jeung bulu irung. Ngan nu bingung mah pas badé ngulem juragan rambut, anjeuna lebet kaum bulu atanapi sanés? margi ceunah manjanganna bénten, enggal pisan. Nu janten cukang lantaran, pedah wargi bulu teh sok ditandasa, binasa mangratus-ratus samalah kana rebuan ampir sabulan sakali, dicabut nyawana euweuh ras rasan, ku alat nu ngarungkup maké kawas geutah matak napel, tuluy saawak-awak katarik, maot saharita. Kiwari wadya balad bulu tos samagréng pakarang, rék mertahankeun harga diri sanajan nepi ka pati. Cunduk waktu alat nu ahéng téh ngarungkup deui, pageuh jeung eungap, ngadudut dulur jeung tatangga teuing dibawa kamana. Cimata jadi saksina basa tonggong aya nu nongtak, lelembutan ngapung muru sawarga.

Senin, 10 Juni 2013

*** S E G E R ***

www.tekananwan.blogspot.com
Rénghap ranjug bari ngahégak, kaos jibrug solémpak baseuh sabab késang ngagarajag hasil tina lulumpatan dualas kuriling di lapang bola deukeut imah. Lain imah uing tapi imah Ua, uing ngilu salila sakola di SMK, nitipkeun diri keur manjangkeun silaturahmi oge irit teu kudu mayar kos, cukup ku manggul béas jeung angkaribung cau, opak, kolontong jeug ranginang sabulan sakali ditatanggung ti lembur singkur. Asup ka jero imah karasa tiis merenah kana awak, muru ka dapur hayang nginum hanaang kacida. Ngaliwat tengah imah ningali Aqua botol saliter dina meja, teu antaparah deui, sabet, buka tutupna, lek lek lek lek..... Béak saharita, hanaang ilang seger sapuratina. Tukangeun, Ua molotot tuluy kapiuhan, nempo cai doa meunang ngaji tilu poé tilu peuting kari botolna

Rabu, 05 Juni 2013

***WALUNGAN***

Anteng guyang na walungan, bari silih gejeburkeun jeung babaturan jadi jadwal rutin sanggeus bubar ti sakola. Lés matématika matak ngebul kana mastaka, sakinten pelajaran basa inggris mah da bu guruna anom, rancunit tur teu weléh daria. Pengkereun sakola kahalangan sakotak sawah langsung walungan ageung nu nelahna walungan Cidadap. Hérangna cai janten ubar jangar nu mujarab, ogé batu baradag tempat moyan mun tos wareg kokojayan. Teu hilap kokodok na sela batu, nimu hurang, sareng kéhkél diréncangan ku éngkang-éngkang ngajebéngan bari ngajégang. Lumayan di beuleum campur liwet haneut tina kastrol, teu hilap dipurulukan céngék, bawang jeung uyah, ‘Mak nyoss’ saur Pa Bondan dina tipi mah. Hanjat tina walungan téh buligir we da langki garaduh solémpak, silih tingali larangan teh tos biasa maklum jalu kabéh. Balakécrakan sisi walungan, ni’mat nu teu aya papadana. Kiwari walungan kantun dongéngna, nyésakeun solokan alit nu pinuh runtah oge cai hinyay bau hangru.

Selasa, 04 Juni 2013

***Resép Aki***

www.iftfishing.com

Ibro curhat ka uing, manéhna keur sedih gara-gara kamari balik mandi di walungan dijejeléh ku babaturanna, dilandih ‘Si Céngék’. Cukang lantaranna pédah bobogaan Ibro téh pangleutikna diantara babaturan, padahal nu lianna gé leutik jeung can disunat kabéh, ma’lum karék kelas tilu SD. Uing nanya, “naha bet nyarahoeun bro?”, “pan waktu hanjat ti walungan kabéh bulucun, jadi silih tempo bobogaan”, walon Ibro bari ngahelas. Uing inget carita Aki, resép keur ngagedékeun bobogaan, “Bro, ajaran maké bogo, antelkeun kana bobogaan maneh saméméh mandi jeung mun rék saré”. Ibro atoh geus meunang resép ti uing, tuluy amitan bangun nu rusuh. Isukna Ibro teu asup sakola, isukna deui ge suwung. Bisi gering, balik sakola uing nyimpang ka imahna. Sanggeus uluk salam, asup ka pangkéng, kasampak keur ngalempréh wé bari humarurung. “Gering naon Bro?”, manéhna ngajawab bari ngalengis, “bobogaan bareuh nyeri nyanyautan”. Uing ngahuleng, ari pék resép kamari maké bogo teu matih, Ibro ngajaran maké lélé da ceunah mirip.

Minggu, 02 Juni 2013

***S A T I A***

www.webgambar.blogspot.com
Léngkah pangharepan anjog di basisir panineungan, karaos aya rasa nu neuteup seukeut alah batan congo balati neuhak kana mamarasna. Nyésakeun gudawang manah peurih taya papadana, harita jaman keur ngora pegat katresna di basisir Batu Hiu. Masih émut meulit ogona panangan anu sampulur ogé seungitna salira, matak ngapung lelembutan, dunya istuning milik duaan. Silih ocon silih gonjak teu weléh imut ngagelenyu bari neuteup pinuh kaasih. Hanjakal anjeun maksa ngadon ngojay pasosonten di basisir larangan alatan panasaran tur hareudang bati ameng paduduaan. Kawitna mah ngojay disisi basisir téh meuni endah silih simbreuh katresna silih gonjak ku pangrasa. Mung geuning sagara aya mangsana galak kacida, metot anjeun tilem saharita, tug dugika ayeuna layon teu kapendak sapertos alim dipulasara. Ti harita dunya runtuh langit haté teu mangrupa, huleng jentul gering nangtung ngalanglayung nungguan salira. Ayeuna taun kaduapuluh kuring nungguan deui, didieu dibasisir nu baheula, susuganan salira hanjat tina sagara.