Minggu, 16 Juni 2013

***S O N O***

Gura-giru ti kontrakan di Bogor hayang geura balik ka Bandung, sono ka jikan nu geus sabulan ditinggalkeun, bari mawa rejeki jeung awor kasono. Hanjakal geuning kahayang jeung kanyataan bet patukang tonggong, sapaparat jalan macét kawas nu jarangjian aya di jalan dina waktu nu sarua. Antukna huleng jentul élékésékéng, kesel cangkeul. Disarékeun teu bisa reup, culang cileung kaluar ngan ukur nempo mobil aduregeng parebut jalan nu geus puguh ngan sakitu-kituna. Hapé anyar béak batré, antukna can ngabéjaan jikan yén balik poé ieu, baé ah améh ‘surprise’. Beus nu ditumpakan masih kénéh angsrod-angsrodan ngadepaan jalan, mata poé beuki nyirorot disampeur ku adzan magrib di rést aréa Purwakarta. Jrut tina beus, gura giru néangan cocolok listrik, rék ngecas hapé anyar. Deukeut méja satpam aya stéker nganggur, langsung ditojos, si hapé enyay enyayan. Alhamdulilah. Réngsé solat magrib, muru hapé da rék nelepun jikan. Ari pék aya sms ti si manéhna, “Kang dipalih mana? meuni sesah di telepon, Enéng ngantos di warung peuntaseun kontrakan akang”.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar