Jumat, 28 Juni 2013

*** Nyekel Jangji ***

Paku geus di keupeul ku leungeun katuhu, nyanghareupan poto calon kuwu nu kabéh ngadadak saroméah. Ngagupayan améh dijadikeun dadasar keur nanclebna paku. Sanggeus peureum bari mapatkeun jangjawokan, yakin rék diliangan téh nu éta wé. Tapi dadak sakala leungeun kompér tuur loncér, paku murag teuing kamana. “Ema kunaon, teu raraos nya?” soanten petugas nyaah, bari nyangkéh muru posko kesehatan nu disayogikeun panitia. Geus rada seger mah, nyobaan deui muru ‘bilik sora’ keur nanclebkeun paku, tapi teu bisa, leungeun ngeleper jajantung ratug. Kolébat indomie dua dus nu geus béak dipurak incu ti nomer hiji. Ogé duit beureum nu karék katampa tadi janari ti nomer dua muncereng ka kuring. Can kaos jeung rompi nu dibagi mangkukna ti nomer tilu, ogé kupon merekis dina kanjut kundang tukeurkeuneun kana sembako mun enya nomer opat meunang. Baluweng. Tungtungna bisi tuluy disangkéh deui petugas oge jalir jangji kanu geus barang béré, kuring gilig tur ihlas nyolok opatanana, adil pan?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar