Rabu, 05 Juni 2013

***WALUNGAN***

Anteng guyang na walungan, bari silih gejeburkeun jeung babaturan jadi jadwal rutin sanggeus bubar ti sakola. Lés matématika matak ngebul kana mastaka, sakinten pelajaran basa inggris mah da bu guruna anom, rancunit tur teu weléh daria. Pengkereun sakola kahalangan sakotak sawah langsung walungan ageung nu nelahna walungan Cidadap. Hérangna cai janten ubar jangar nu mujarab, ogé batu baradag tempat moyan mun tos wareg kokojayan. Teu hilap kokodok na sela batu, nimu hurang, sareng kéhkél diréncangan ku éngkang-éngkang ngajebéngan bari ngajégang. Lumayan di beuleum campur liwet haneut tina kastrol, teu hilap dipurulukan céngék, bawang jeung uyah, ‘Mak nyoss’ saur Pa Bondan dina tipi mah. Hanjat tina walungan téh buligir we da langki garaduh solémpak, silih tingali larangan teh tos biasa maklum jalu kabéh. Balakécrakan sisi walungan, ni’mat nu teu aya papadana. Kiwari walungan kantun dongéngna, nyésakeun solokan alit nu pinuh runtah oge cai hinyay bau hangru.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar