Kamis, 20 Juni 2013

*** CUANG CIEUNG ***

www.wallpaperkeren19.blogspot.com
Ronghéapna rasa ngadalingding minuhan galar mapay bilik pangharepan. Mulubus nembus wuwung kaajrih ngabelesat muru méga nu keur anteng manco bari ngaroris mayapada. Antukna méga hideung lalaunan salin jinis jadi kayas, rohang batin tina kasedih cimata nu bakal murubut jadi hujan dor dar gelap ilang tanpa karana. Méga ngadon ngabring pakaléng-kaléng pinuh kadeudeuh maturan matapoé nu nyorot ka lemah cai kalawan geugeut haneut tur kebek ku katresna. Teu lirén di antara méga, rasa kadeudeuh ngabelesat meuntasan atmosfir ngagedig nyingkahan gravitasi nu meulit embung lésot tina papastén. Cunduk waktu nu geus tangtu, rasa katresna leupas muru jagat raya, mapay galaxy néangan pasangan diri di alam lega nu simpé taya sora taya pangbagéa. Rasa ngaheruk cuang cieung taya batur, ngan saukur dibaturan ku gurilap béntang nu jauh teu manggih tungtung. Soca bareubeu, cimata hanjakal murubut mapay damis. Ngudag harepan nu geus anggang misah horizon misah galaxy. Béntang ngora nempokeun bari cumalimba.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar