Sabtu, 22 Juni 2013

*** Pakanci Bedo ***


“Jang, kadé ngilu kana mobil Ua mah ulah ongkék,” peupeujeuh ema basa rék indit pakanci ka Santolo bari ngasongkeun antimo sakebét. “Ieu teu seueur teuing antimo na ma?,” ema seuri bari ngaharéwos, “Pan ujang mah teu kaop mobil maju sok orolo, wayahna diinum nya!,” uing unggeuk. “Hayu bisi kaburu beurang,” Ua pameget ngagorowok bari asup kana mobil. Tibuburanjat sadudulur parebut korsi hayang diuk nu merenah. Ua istri diuk dihareup gigireun Ua pameget, uing dipangtukangna bari karasa aya késang tiis dina damis. Teu antaparah deui antimo genep siki digayeum teu make cai, alhamdulilah teu lila karasa awak hampang késang ilang. Ngan dulur nu ngarobrol bet kadéngé jadi lalaunan, hawar-hawar terus jempling. Uing nyarandé di jok tukang, panon beurat tunduh saharita. Lilir-lilir uing ngagolér na dipan bodas. Gigireun, ema rambisak dibaturan ku Ua istri. Dua poé dua peuting uing teu inget di bumi alam, ngagolér di UGD RSUD Garut alatan beuki teuing kana antimo.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar