Minggu, 02 Juni 2013

***S A T I A***

www.webgambar.blogspot.com
Léngkah pangharepan anjog di basisir panineungan, karaos aya rasa nu neuteup seukeut alah batan congo balati neuhak kana mamarasna. Nyésakeun gudawang manah peurih taya papadana, harita jaman keur ngora pegat katresna di basisir Batu Hiu. Masih émut meulit ogona panangan anu sampulur ogé seungitna salira, matak ngapung lelembutan, dunya istuning milik duaan. Silih ocon silih gonjak teu weléh imut ngagelenyu bari neuteup pinuh kaasih. Hanjakal anjeun maksa ngadon ngojay pasosonten di basisir larangan alatan panasaran tur hareudang bati ameng paduduaan. Kawitna mah ngojay disisi basisir téh meuni endah silih simbreuh katresna silih gonjak ku pangrasa. Mung geuning sagara aya mangsana galak kacida, metot anjeun tilem saharita, tug dugika ayeuna layon teu kapendak sapertos alim dipulasara. Ti harita dunya runtuh langit haté teu mangrupa, huleng jentul gering nangtung ngalanglayung nungguan salira. Ayeuna taun kaduapuluh kuring nungguan deui, didieu dibasisir nu baheula, susuganan salira hanjat tina sagara.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar