Minggu, 08 November 2015
Jumat, 13 Februari 2015
Amitan
![]() |
| Haikupic 150115 |
Saumur umur, karék ayeuna meunang luang ka Jakarta. Éta gé purah ngabantuan ngangkutan sayur kana dolak mang Éméd ti Parongpong. Anjog ka pasar wanci janari. Uing singkil nurunkeun sayur aya kana sapuluh balikan. Ngan unggal ngaliwat kana plang pasar rada ngarandeg. “Padahal ieu téh poé kemis, tapi naha bet plang ngaran pasarna senén?”, Uing nanya ka mang Éméd nu keur ngahanca leupeut jeung ranginang. “Ah dipikiran teuing jang, nu penting mah kiriman tepi.” “Enya atuh ari kitu mah.”
“Jang geura sahur, bisi kaburu imsak”, Mang Éméd nyalukan. Uing gasik ngadeukeutan, sahur leupeut ranginang jeung cihérang. Ni’mat. Réngsé solat subuh di tajug tukangeun pasar, dolak nyemprung balik ka lembur. Uing langsung tibra teu inget di bumi alam.
“Jang geura sahur, bisi kaburu imsak”, Mang Éméd nyalukan. Uing gasik ngadeukeutan, sahur leupeut ranginang jeung cihérang. Ni’mat. Réngsé solat subuh di tajug tukangeun pasar, dolak nyemprung balik ka lembur. Uing langsung tibra teu inget di bumi alam.
Lalaunan beunta, awak karasa nyareri. Seungit alkohol jeung bétadin. Gigireun, Mang Éméd nangtung. Rarayna caang cahayaan, imut tuluy ngaléos ninggalkeun uing.
“Info Ndan, lakalantas. Supir maot penumpang salamet”, kadéngé sora petugas keur nelepon.
“Info Ndan, lakalantas. Supir maot penumpang salamet”, kadéngé sora petugas keur nelepon.
Kamis, 07 Agustus 2014
*** HOYONG ANTEL ***
Geleberna kecap eunteup dina damis salira. Sieup. Ngalunturkeun buricak béntang nu gumebyar satungtung alam, sakilat nyaangan raray salira. Éndah. Sanaos mung sajorélat, tapi rumpakana ngalagena minuhan raga mageuhan jiwa. Tresna teu kaukur ku waktu teu kataji ku wanci. Istuning nyerep kana kulit ari, ngajalujur tulang ngabeulit urat. Mulas getih nyangcang jajantung nu ngagedur teu manggih tungtung. "Ulah salempang kang, wengi gé aya lirénna. Poék gé aya watesna, kantun yakin wé urang kana takdir ti Mantenna" Kakuping deui galindeng asih, ngabetot sukma ngabungbang rasa. Nengtremkeun gumuruhna dada. Dugika teu karoris jarum arloji nu nyebrut ngahuapkeun waktos, teu nyésa saréméh ogé. Korédas teu mangrupa.
Dina mangsa amitan, hoyong antel ramo. Sasalaman ka salira. Hanjakal teu tiasa. Kabatas ku imut, kapageran ku guluyurna kecap nu ngamalirkeun rasa, "Hapunten kang, néng gaduh abdas." Purnama ngabaheuhay dina lahunan kahéman.
*** UBAR LAPAR ***
Karasa beuteung ngerebek deui. Padahal tadi geus sagala rupa didahar. Jigana pédah tarawéhna jamaah di tajug bah Kémod nu maké aliran jorelat natrat. Ukur sapuluh menit geus réngsé, sholat isya, tarawéh 21 rokaat pleus witir jeung wirid. Ngésang wéh ngoprot. Asa sarua jeung senam érobik. “Jigana kudu diganjel deui ieu mah” Gerentes haté. Karasa suku ngagugusur raga néangan tukang dahareun di stamplat. Nepi ka tempat nu dituju, geuning ramé kénéh. Ngarariung hareupeun tipi di tukang baso. Uing buru-buru mesen nu badag tilu siki teu maké emih. Ubar lapar.
Keur anteng ngagares baso, aya nu ngaharéwos gigireun “Kumaha raos adén basona?” ”Raos pisan” Uing ngajawab bari nempo kana asal sora. Gebeg téh, kaciri dua panon beureum gular giler, awak hawuk pinuh ku bulu. Leungeunna nyekel baskom, jigana keur nyieun adonan baso. Wareg saharita, tuluy ngadadak ngurel nempo kanyataan. Manéhna ngaléos. Nyesakeun buntut panjang nu ngacir ngabeulit jaman.
Keur anteng ngagares baso, aya nu ngaharéwos gigireun “Kumaha raos adén basona?” ”Raos pisan” Uing ngajawab bari nempo kana asal sora. Gebeg téh, kaciri dua panon beureum gular giler, awak hawuk pinuh ku bulu. Leungeunna nyekel baskom, jigana keur nyieun adonan baso. Wareg saharita, tuluy ngadadak ngurel nempo kanyataan. Manéhna ngaléos. Nyesakeun buntut panjang nu ngacir ngabeulit jaman.
*** RAZIA ***
“Kabeh nangtung, simpen tas dina méja!!”, Sora Pa Udin handaruan. Sakelas narangtung kabéh, karasa jajantung ratug. Teu puguh pipikiran. “Nu mawa petasan dina tas kaluarkeun!!!” Gebeg téh, inget kana cécéngékan jeung mercon meunang meuli tadi isuk. Beungeut pucet, tingsariak tiis na tonggong. Kabayang prédikat béntang kelas jeung budak kayungyun bakal leungit sapada harita. Alatan ngalanggar papagon, kapanggih mawa petasan ka sakola. Duh nasib. Mangkaning beurat bebendonna ogé. Uing tungkul bari mapatkeun doa nu ngadadak paroho deui. Aya nu inget langsung ngagorolang, “Allahummabariklana fiimarozaktanaa wakinna adzaa bannaar..” Dadak sakala kabéh nu keur nangtung ngodok tas séwang-séwangan. Ngaluarkeun bungkusan, aya nu mawa timbel, leupeut, buras, ciu, comro jeung misro. Kulub hui jeung suuk ogé loba nu mekel. Silih asaan bari gogonjakan. Goréng burayak jeung pilus ngilu ngaramékeun. Botram saharita. Uing ngalimed ngadahar kelepon jeung kueh putu.
Di méja guru, Pa Udin ngalimed nuang tutug oncom dibaturan kurupuk malarat.
Di méja guru, Pa Udin ngalimed nuang tutug oncom dibaturan kurupuk malarat.
Rabu, 23 Juli 2014
*** KASAREAN ***
Diimah karasa simpé sabab jikan jeung berenyit geus dua poé pakanci ka Tumasik. Dina instagram si bungsu kaciri potona keur sélphi dina deukeut patung mérlion, gigireunna jikan embung éléh bari mawa tas balanjaan beungeut dimanyunkeun. Gaya gaul ceunah. Dua poé deui baralikna ka Tumaritis. Tamba kesel uing nyokot flashdisk tina tas kantor. Colokeun kana tipi ogé disambungkeun ka spéker aktif. Rémot tipi dipencét, haleuang wéh klip lagu oplosan dina tipi nyirnakeun kasimpé jadi daria. Teu poho, mix diantelkeun kana biwir, ngilu nyanyi. Asa jadi artis dadakan. Uing karaokéan nepika eureun capé sorangan. Nyangsaya dina sofa. Saré. Pas lilir kadéngé sora meuni tarik, “Uhh ooh.... uuh ohh oh yés oh no” Kaciri dina tipi gambar nu sapatemon.
“Astagfirullohal adzim!!!”, Buru-buru ngagajleng. Tipi dipareuman manual. Reuwas kareureuhnakeun. Poho, flashdish téh lian ti klip lagu ogé aya pilem teu uni. Diluar imah, Juragan RW, ronda jeung sababaraha warga geus sayaga rék ngagerebeg.
***** BOA ENYA *****
Pasosoré patalimarga beuki campuh, jelema jiga nu jangjian kaluar kabéh. Aya nu muru tukang kolek, aya ogé nu ngaborong candil. Beulah kénca handapeun tangkal, nu dagang diriung ku barudak jeung rumaja, singhoréng tukang petasan jeung kembang api. “Naha kawas bulan puasa?” Uing ngarasa ahéng. Olohok bari gagaro, “Boa salah tetempoan kitu?” gerentes haté nu kebek ku kapanasaran. “Halik euy, montong ngahalangan nu keur usaha!!!”, karasa awak kabetot katukang. Ditempo téh lalaki tengah tuwuh morongos sabab lapak kolékna kahalangan ku awak uing. Uing gogodeg, “Plakk!!!” karasa aya nu panas kana beungeut beulah kenca. “Sia kudu digampleng heula kakarék nyingkah nya?!!” hawar hawar sora gigireun. Karasa bumi asa tungkeb, karonéng na kongkolak panon. Poék.
Lalaunan panon dibuka, geuing uing geus aya di masigit. Ngagolér bari dirariung. Réang nu tadarusan. Pas rék cengkat, aya sora anteb gigireun,”Geus jang reureuh heula. Keudeung deui adzan magrib.” Uing unggeuk bari cangcaya.
Lalaunan panon dibuka, geuing uing geus aya di masigit. Ngagolér bari dirariung. Réang nu tadarusan. Pas rék cengkat, aya sora anteb gigireun,”Geus jang reureuh heula. Keudeung deui adzan magrib.” Uing unggeuk bari cangcaya.
Langganan:
Postingan (Atom)




