Minggu, 15 September 2013

***SUMPAH KAREK AYEUNA***

Pahareup-hareup jeung pamajikan di kafé gaya arab téh kalah tingharuleng. “Mah, kunaon atuh bet jamedud kitu? Anggursi urang dahar”. “Hayang jelas heula nu sabenerna”. “Pan akang geus ngomong tadi yén kakara ka kafé ieu mah”. “Teu percaya” jikan jejebris. Karasa kaambek nyelek, asa dihulag. Rarasaan mah ngajak ka ieu kafé téh keur nyenangkeun jikan. Lain duit saeutik, kudu buking heula malem minggu mah, jeung pastina harga dahareunna gé mahal. Dahar duaan bisa béak satengah juta. Tapi keun baé da niatna gé hadé. “Pokona saencan akang ngaku kungsi ka kafé ieu, iraha jeung saha, kakara mamah rék dahar. Mun teu ngaku mah bedo wé!!”
Pipikiran baluweng, ambek, keuheul, ogé hanjakal. “Dasar teu bisa dipikanyaah. Diajak dahar ngeunah kalahka suudon, geus urang balik wé” Uing singkil ninggalkeun salatat bunidoora, sangu kabsah, samosa ogé yoghurt kurma. Mayar, tuluy asup kana mobil. “Sumpahna gé kakara ayeuna ka kafé ieu jeung mamah mah” gerentes haté.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar