Minggu, 15 September 2013

***NGADUNGKUK***



Poé minggu geus kacipta, poé nu éndah jeung manéh na. Sanggeus tilu bulan dikerem alatan ngilu pendidikan dasar militér. Ayeuna sapoé jeput di béré waktu bébas, ulin kamana waé nepi ka jam sapuluh peuting.  Kaméja jeung pantalon nyiripit meunang ngaléot.  Sapatu hérang , dompét metet bekel keur ulin jeung  manéhna ka Ciater. Rék ngadon suka bungah bari guyang ka asih. Ngan hanjakal, jelema ngarencana Gusti Allah anu nangtoskeun. Kapanggih di wésé asrama aya nu miceun teu di banjur. Ditanya ku perwira euweuh nu ngaku, ngabetem,  sieun jeung éra. Tungtungna kabéh di hukum, nantung ngabaris muru kana panto wésé. Bari ditalék, “Manéh nu modol teu di banjur?” “Siap, sanés pa!”. “Cabak ku leungeun katuhu, racék!! tuluy nangtung di tukang!” Sora Komandan handaruan.
Ba’da ashar karék bisa kaluar ti asrama, manéh na geus teuing kamana. Hapé na dipareuman alatan kuciwa. Uing ngajentul jeung babaturan. Saminggu teu bisa dahar maké leungeun katuhu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar