Minggu, 15 September 2013

***CAAH KAHAYANG***

Umpal-umpalan caah kahayang ngagalaksak nembrag kana témbok kayakinan nu ajeg perséka teu miroséa kana tarikna gogoda. Sanajan kahariwang jeung kamelang ngélékéték dina puhu panghampura, kayakinan tetep kudu dipertahankeun. Naon deui anu dipiboga mun kayakinan geus digadékeun?, Naha aya kénéh harkat darajat kahirupan mun létah jeung haté geus pasalia?.
Caah masih rongkah sanajan hujan kamunapékan di girang geus raat teu méré béja. Tinggal cluk clakna sésa hianat kapalidkeun kana walungan panghampura. Témbok kayakinan gé angger ngabedega sanajan di juru beulah katuhu rada gorowong di paké bayawak nyayang medarkeun kagoréngan.
Caah masih rongkah malidkeun katugenah jeung catang karungsing nu patingsoléngkrah. Sanajan geus neumbrag kana témbok kayakinan mah ancur lebur, pating koléséd bari tungkul semu éra.
Caah masih rongkah sabab hujan sirik pidik teu reureuh ngotélan alam, muru ka hilir mapag mangsa nu can tangtu. Lulun samak gogoakan, kasirib ku kahayang ngait dina sisi jarian. Cag.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar