Minggu, 22 September 2013

***ALIH PROFESI***

Geus tilu poé mang Juhé eureun ngaboséh odong-odong ngurilingan dayeuh Tarumanagara. Ti saprak manggih tabung oksigén ngagolér hareupeun golodog. Sanggeus diulak ilik, tuluy diajaran maké selang keur ngeusian balon palastik. Teu nyangka, balon eusi oksigén téh payu ka tatangga, patatalépa antukna loba sémah nu ngahaja meuli paloba-loba. Tabung oksigén eusi na teu béak-béak, jadi rejeki keur mang Juhé jeung anak pamajikan. Ngan ti harita, warga dayeuh jadi kasiksa. Ngarénghap jadi eungap. Hawa nyongkab matak peurih kana tikoro. Karasa seger deui mun geus nyeuseup eusi balon mang Juhé. Mang Juhé ngadadak kakoncara, jadi tokoh harepan keur lumangsung na kahirupan manusa.
Tabung jadi primadona, loba pihak nu niat ngarebut maké sagala rupa cara. Bari ngusapan tabung oksigén nu geus teu mangrupa alatan diparebutkeun ku politisi jeung gegedén nu teu boga rasa. Mang Juhé meuncit eta tabung bari carinakdak. Tabung ngulahék, eusi na ngagelenyu. Ngapung muru ka sawarga.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar