Sabtu, 02 April 2016

Babadak

Pasosonten réngsé pabeulit sareng padamelan, nyobi mukaan FB. Ningalian postingan babaturan, aya nu nyetatus galaw aya ogé nu masihan motivasi duka kanggé anjeuna duka keur batur.. Ah nya wios wé. Aya ogé cuplikan warta lokal, nasional jeung luar nagari. Nya sakadang curuk sok ateul hoyong mencét tur maca warta nu kadangkawis judul jeung eusina téh bénten... Judulna matak panasaran tapi eusina mah basajan.
Photo : Dokpri Deni Mulgiana
Nuju anteng noélan layar android, bréh dina FB aya poto cai sungapan nu di kintun ku babaturan baheula sobat dalit dilembur, Kang Deni adut Mulgiana. Potona mah basajan waé. Ningalikeun cai sungapan nu rada coklat umpal-umpalan jeung sabudereunna héjo tur matak tingtrim.

Éta tempat keur budak mah jadi tempat pavorit sanajan kolot mah tangtu nyarék da bisi budak cilaka kabawa palid direwod lulunsamak. Disebutna éta patempatan teh 'babadak', duka teung harti saenyana mah. Tapi da lain tina badak da badak mah aya na di ujung kulon. Di lembur mah aya gé bagong.
Sok anteng guyang bari gogonjakan, can wawuh kana bobogohan da budak satepak kénéh. Euweuh ragab sok silih gejeburkeun jeung budak awéwé, biasana réngsé latihan pramuka atawa mémang ngahajakeun ulin kadinya.

Balikna mapay irigasi atawa mun keur boga ban jero tina treuk sok ngahaja papalidan nepi ka lembur.

Ah éndahna mangsa harita, janten sono hoyong ka lembur.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar