Rabu, 16 November 2016

Mang Donal

Source : ciricaradotcom
Dua rasa marojéngja basa meunang béja, mang Donal meunang. Antara atoh jeung sedih, atohna tangtu ngarasa reueus sabab manéhna teu boga pisan pangalaman ngulik pulitik. Éta ogé ceuk tetempoan uing nu giling gisik mun rebun-rebun meuli daging di pasar Soréang. Ayeuna bisa ngéléhkeun calon kuat nu geus lila nyangking jabatan. Ari sedihna nyaéta palaur kana gaya kompanyeuna nu wanian ngusulkeun nyieun kawijakan nu ngarempag kana aturan nu geus aya.

Ari pék téh geuning nu milih lolobana meunangkeun manéhna, atuh écés Mang Donal meunang. Pikeun jadi Kuwu di Desa Buricak Rikat. Panasaran uing mapay lembur, nanya ka sababaraha jalma. Saur Ujang Emid “Bosen désa téh kieu kieu waé, sugan aya robahna”, Mang Atang mairan, “Mening si Donal teu munapik, puguh-puguh rék pasalia jeung aturan nu geus aya. Jadi jelas musuh téh teu nyiliwuri deui’. Uing unggut-unggutan tuluy ngaléos, muru réstoran mang Donal nu ngaharatiskeun kabéh kadaharan, asal ngasakan ku sorangan. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar